Jumat, 20 Desember 2013

" K E K E D U T A N "

1.Kekedutan dina embun-embuanan,sirah = Bakal menang pangkat,rijki sareng pada nyaah.
2.Kekedutan dina tarang = Bakal menang elmu sarta kenging rijki halal.
3.Kekedutan dina halis katuhu = Bakal menang rijki rea.
4.Kekedutan dina halis kenca = Bakal menang kabungahan.
5.Kekedutan dina sirah katuhu = Bakal menang pagawean hade.
6.Kekedutan dina sirah kenca = Bakal menang gering.
7.Kekedutan dina sirah kabeh = Bakal menang kabungahan.
8.Kekedutan dina biwir mata katuhu nuluhur = Bakal menang rijki.
9.kekedutan dina biwir mata nuhandap = Bakal menang kasedihan,ceurik.
10.Kekedutan dina biwir mata kenca nuluhur = Bakal panggih jeung baraya nu jauh.
11.kekedutan dina biwir mata kenca nuhandap = Bakal salamet tina percobaan.
12.kekedutan dina irung katuhu nu handap = Bakal menang rijki,salamet.
13.Kekedutan dina irung kenca nuhandap = Bakal menang kabungah.
14.kekedutan dina palipisan katuhu = Bakal menang cilaka.
15.Kekedutan dina palipisan kenca = Bakal panggih jeung kakasih.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar