Jumat, 20 Desember 2013

" ALAMAT IMPIAN PART 3 "

101.Ngimpi ngising = Bakal kaleungitan.
102.Ngimpi ngala lauk cai = Bakal meunang untung.
103.Ngimpi paeh = Bakal boga milik.
104.Ngimpi lumpat = Bakal meunang derajat.
105.Ngimpi ningali babi = Rek ngalakonan dolim/kajahatan.
106.Ngimpi ningali batu = Bakal meunang duit rea.
107.Ngimpi ningali buaya = Bakal dicidrak ku musuh.
108.Ngimpi ningali budak = Bakal boga pamajikan.
109.Ngimpi ningali budak leuwih rea tibatan kolot = Bakal senang.
110.Ngimpi ningali cemara bodas = Bakal ngalakon hirupna.
111.Ngimpi ningali cahaya = Bakal di hampura dosa.
112.Ngimpi ningali damar,seuneu =Bakal kenging pagawean anu batur teu sanggupeun.
113.Ngimpi ningali embe rea = Bakal rea balad seueur rijzi.
114.Ngimpi ningali imah batur kahuruan = Bakal batur panas hate,ambeuk ka urang.
115.Ngimpi ningali imah diluhur atawa jangkung = Bener kalakuan,aya dina kabeneran.
116.Ngimpi ningali talaga rea caina = Bakal gampang rijkina.
117.Ngimpi ningali mesjid runtuh = Bakal meunang kasusah gede.
118.Ngimpi ningali beuteung sorangan = Bakal meunang kabungahan:
119.Ngimpi ningali jelema ngapung = Bakal luas pikiranana.
120.Ngimpi ningali tangkal cabangna dua = Bakal meunang kasusah.
121.Ngimpi ningali ka'bah = Bakal meunang kamurahan alloh:
122.Ngimpi ningali atawa ngadenge suara kacapi = Bakal meunang rahmat.
123.Ngimpi ningali cai kiruh = Bakal aya nu ngambeuk ka urang.
124.Ngimpi ningali cai laut campur jeung getih = Bakal gering.
125.Ngimpi ningali cai susu rea = Bakal jadi kapala jeung seur rijkina.
126.Ngimpi ningali walungan herang caina = Bakal hasil maksudna.
127.Ngimpi ningali walungan kiruh caina = Bakal susah hirupna.
128.Ngimpi ningali walungan saat caina = Bakal gering atawa kurang caina.
129.Ngimpi ningali atwa ngadenge suara suling = Bakal meunang kasukaan.
130.Ngimpi loba kutu = Bakal meunang duit.
131.Ngimpi digegel maung = Bakal aya nu mere pagawean.
132.Ngimpi jadi haji = Bakal jadi jelema soleh.
133.Ngimpi jadi jelema hina = Bakal meunang kabungahan.
134.Ngimpi jadi panganten = Bakal geuring.
135.Ngimpi ngajuru = Bakal boga milik.
136.Ngimpi ditenggeulan = Bakal rea nu nyaah.
137.Ngimpi ngajaring manuk = Bakal meunang rijki.
138.Ngimpi tumpak kapal udara = Bakal aya milik gede.
139.Ngimpi ditaranjang = Bakal eureun tina kasenangan.
140.Ngimpi dahar kue = Bakal meunang rijki/rea nu mikaasih.
141.Ngimpi ucing asup ka imah = Bakal kasemahan.
142.Ngimpi paeh = Bakal panjang umur.
143.Ngimpi dipaehan = tereh pulang ti panyabaan.
144.Ngimpi make samping bodas = Bakal pihadeun,seur ka berhasilan.
145.Ngimpi palid dina cai kiruh = Bakal goreng.
146.Ngimpi palid ku cai kiruh = Bakal cilaka.
147.Ngimpi asup ka imah gede = Bakal meunang kanugrahan.
148.Ngimpi nguseup,meunang = Bakal meunang kanugrahan harta atawa elmu.
149.Ngimpi boga salaki = Bakal meunang kasusah.
150.Ngimpi dahar babi = Bakal aya nu ngahina.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar