Jumat, 20 Desember 2013

" ALAMAT IMPIAN PART 2 "

35.Ngimpi aya nu mere sangu = Bakal aya nu ngahina.
36.Ngimpi mandi di walungan = Bakal aya nu ngewa.
37.Ngimpi mandi di laut = Bakal aya/meunang milik.
38.Ngimpi mandi disumur = Bakal meunang kabeungharan.
39.Ngimpi mandi cai hujan = Bakal meunanang kasalametan.
40.Ngimpi kahujanan = Bakal loba nu nyaah.
41.Ngimpi numpak kuda = bakal meunang kamulyaan/hasil maksud.
42.Ngimpi numpak gajah = Bakal aya nu ngamulyakeun.
43.Ngimpi numpak naga = bakal hasil nu dimaksud.
44.Ngimpi numpak perahu = Bakal salamet/kenging kasalametan,meunang kahadean.
45.Ngimpi diudag nini/akai-aki = bakal aya nu mere barang.
46.Ngimpi diudag anjing = Bakal gering.
47.Ngimpi diudag sapi = Bakal meunang kasenangan.
48.Ngimpi diudag maung = Bakal meunang pagawean.
49.Ngimpi diudag ku nu edan = Bakal gering panas.
50.Ngimpi ceurik = Bakal meunang kahadean tanapi kabungahan.
51.Ngimpi make ali tina emas = Bakal nampa elmu.
52.Ngimpi kadatangan budak loba = Bakal kadatngan rijzki.
53.Ngimpi kadatangan japati = Bakal meunang kanugrahan.
54.Ngimpi kadatngan manuk bodas = Bakal meunang pamajikan gelis,bageur,beunghar.
55.Ngimpi kadatangan oray = Bakal aya dulur atawa sobat nu datang.
56.Ngimpi kadatangan/meunang merak = Bakal meunang kabeungharan atawa bakal boga anak.
57.Ngimpi kadatangan monyet = Bakal aya nu cilaka.
58.Ngimpi kadatangan peucang = Bakal meunang pamajikan nu tabiatna sapertos pecang.
59.Ngimpi kadatngan simeut = Bakal kadatangan satru.
60.Ngimpi ngapung = Bakal meunang kasusah.
61.Ngimpi naek ka gunung = Bakal meunang milik.
62.Ngimpi teuleum dina cai nu tiis = Bakal meunang kanikmatan didunian atawa di akhirat.
63.Ngimpi nuar kai = Bakal ka papatenan.
64.Ngimpi indit-inditan = Bakal meunang kawirang.
65.Ngimpi suka-sukaan = Bakal meunang ka susah.
66.Ngimpi naek tangkal kalapa = Bakal aya nu mere hutang.
67.Ngimpi nuju nulis = bakal meunang kanugrahan.
68.Ngimpi ditubruk maung = Bakal meunang pangkat.
69.Ngimpi pasea = Bakal aya nu nyaah.
70.Ngimpi puasa = Bakal meunang derajat.
71.Ngimpi pasea jeung ulama = Jujur pagawean sarta bakal maju.
72.Ngimpi perang = Sakabeh dosa dihampura ku gusti alloh.
73.Ngimpi punglak huntu luhur = Bakal ka papatenan ku dulur nu saluhureun,atawa ku kolot.
74.Ngimpi puput puseur = Bakal papisah jeung indung/bapa atawa gering.
75.Ngimpi potong leungeun = Bakal cilaka,aya bahaya.
76.Ngimpi potong suku = Rek pepegatan.
77.Ngimpi boga imah = Bakal pindah.
78.Ngimpi wudlu = Bakal sampurna hirupna.
79.Ngimpi dibere duit = Bakal meunang panyakit.
80.Ngimpi meuncit embe = Bakal meunang ti musuh.meunang untung.
81.Ngimpi meuncit hayam = Bakal pinanggih jeung kamulusan.
82.Ngimpi jadi raja = Bakal nyieun kaniaya.
83.Ngimpi ragrag,ningal kai rubuh = Bakal turun derajat.
84.Ngimpi potong taraje jeung ninggang imah = Bakal aya nu dengki.
85.Ngimpi dirante beuheung = Seur dosa,geuwat tobat ka gusti alloh.
86.Ngimpi labuh = Bakal dikawinkeun.
87.Ngimpi ngaruag imah atawa sidekah = Bakal aya kapapatenan.
88.Ngimpi mencetan atawa dipencetan = eureun ti anu dipika hayang.
89.Ngimpi imah rubuh = Bakal aya nu pitnah.
90.Ngimpi beunghar = Bakal senang hirupna.
91.Ngimpi disalimbut = Bakal diusir tina kapangkatan.
92.Ngimpi naek kareta = Bakal kaleungitan milik.
93.Ngimpi digantung = Bakal di hampura dosa/punah hutang.
94.Ngimpi aya kendang ditabeuh = Bakal meunang pagawean hade.
95.Ngimpi naek ka luhur gunung = Bakal kenging pangkat,beunghar.
96.Ngimpi tawaf atawa asup ka masjid = bakal meunang ganjaran jeung nikamat sampurna.
97.Ngimpi naek tangkal cau runtuh = Bakal aya nu gering ripuh.
98.Ngimpi Kai rubuh atawa urang ragrag = Bakal turun derjat.
99.Ngimpi shalat = Bakal mulus pagawean dunia akherat.
100.Ngimpi nyalatkeun mayit = Bakal meunang ganjaran.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar