1.Ngimpi papanggih/ningal K.N.Muhammad saw =Bakal kenging kamulyaan dunia sareng akherat.
2.Ngimpi papanggih/ningal K.N.Adam as. Atawa nabi anu sanesna = Bakal menang kamulyaan dunia akherat serta dikabul sagala maksudna.
3.Ngimpi papanggih/ningal sawarga/Widadari/Arasy = Bakal kenging kamulyaan sareng hasil sagala maksudna.
4.Ngimpi papanggih/ningal para sahabat/Auliya/Wali/Ulama = Bakal jadi jelema pinter ku elmu lahir sareng bathin.
5.Ngimpi ningali Neraka = Loba kasalahan,loba dorakana ka gusti alloh,atawa k jelema rea,kudu gancang tobat atanapi menta dihampura ku eta jalma.
6.Ngimpi ningali sirotulmustaqim = sagala pagawean bener sarta bakal hasil.
7.Ngimpi ningali kaributan dina poe kiamah = anggang tina bahaya sarta tebih tina panyakit jeung balai.
8.Ngimpi ningali langit anu tujuh lapis = menang kanugrahan atawa kasukaan,sagala murah seueur sandang pangan.
9.Ngimpi ningali panon poe sapasang = Bakal aya pamingpin anu diganti atawa rek aya kaributan,karusuhan,nagara kacau.
10.Ngimpi ningali panon poe,bulan,bentang = Bakal kenging anak nu sampurna,kenging kabagjaan,dunia sareng akherat.
11.Ngimpi ningali bentang turun kajero imah atawa kanu boga imah = bakal boga anak soleh atanapi bakal kenging rijki anu seur(pibeunghareun),sareng seur anu nyaah.
12.Ngimpi ningali mega putih = Bakal loba kauntungan sareng rumah tangga urang tengtrem.
13.Ngimpi ningali hujan gede atanapi angin ribut dibarengahn ku poek mongkleng;gelap ting jelegur = Bakal aya bahaya,seur musuh atanapi aya kaributan.
14.Ngimpi panggih jeung sepuh-sepuh nu geus maraot = Bakal ata kasusah atawa kedah prihatin seur kabingung.
15.Ngimpi panggih jeung nu geus maot = Bakal leuleungiteun atawa rek pasea.
16.Ngimpi maca quran sasurat = Bakal meunang duit sarta hasil usaha nu dimaksud.
17.Ngimpi mawa duit ka kuburan = meunang kabeungharan.
18.Ngimpi ningali astana seur jelema = Bakal rea nu gering.
19.Ngimpi ngomong jeung pamingpin/ulama = naon-naon nu diomongkeun ku urng di gugu ku batur.
20.Ngimpi ngambeu seuseungitan atawa babauan = Bakal meunang kahadean atawa bakal boga pamajikan.
21.Ngimpi hajat = Bakal meunang kasusah.
22.Ngimpi aya nu mere kembang = Bakal boga salaki/pamajikan.
23.Ngimpi sesekah jakat = Bakal meunang kabeungharaan.
24.Ngimpi aya nu mere ali = Bakal aya nu mikanyaah.
25.Ngimpi motong buuk = Bakal papisah jeung pamajikan.
26.Ngimpi aya nu mere baju = Bakal aya nu ngewa.
27.Ngimpi ka antel najis = bakal meunang rijki.
28.Ngimpi meunang hayam/manuk = Rek boga anak.
29.Ngimpi ngadu hayam = Bakal pasea.
30.Ngimpi dipacok oray = bakal kawin.
31.Ngimpi dibelit oray = Bakal menang milik.
32.Ngimpi ngala delima arasak = rek meunang duit,nagara mahmur.
33.Ngimpi ngala anggur = Bakal meunang kabengharaan.
34.Ngimpi ngala buah jeruk = Bakal meunang kasedih.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar